Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Beda Jaman Baheula Jeung Jaman Ayeuna

 ngerjakeun PR nanyakeun ka babaturan atawa ka bodoh Beda Jaman Baheula jeung Jaman Ayeuna

Jaman baheula: Kabutuhan hirup sandang, pangan, papan
Jaman ayeuna:  Kabutuhan hirup sandang, pangan, paket data

Jaman baheula: dahar di restoran ngado'a heula
Jaman ayeuna: dahar di restoran selfie heula

Jaman baheula: ulin kaluar neangan papatong
Jaman ayeuna: ulin kaluar neangan Pokemon

Jaman baheula: tivi biasa, tayanganna ngeusi
Jaman ayeuna: tivi canggih, tayanganna garoreng

Jaman baheula: beungeut geulis hasil dangdan
Jaman ayeuna: beungeut geulis meunang ngedit

Jaman baheula: barudak ngangon munding
Jaman ayeuna: barudak ngangon motor

Jaman baheula: barudak nyanyi "Di Sini Senang Di Sana Senang"
Jaman ayeuna: barudak nyanyi "Sakitnya Tuh Di Sini"

Jaman baheula: curhat ka sobat
Jaman ayeuna: curhat  na status

Jaman baheula: ngerjakeun PR nanyakeun ka babaturan atawa ka kolot
Jaman ayeuna: ngerjakeun PR nanyakeun ka Google
Sumber http://banyolansunda.blogspot.com/