Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Kumpulan Lulucon


Pinokio Made In Sukabumi
Untung Pinokio dijieunna ku Paman Gepetto. Coba mun dijieun ku Mak Erot, meureun tiap Pinokio ngabohong, nu manjangan teh lain irungna, tapi.......

Tos Pangalaman
"Nyi, sakedap deui urang teh bakal dirapalan ku lebe, nya?"
"Muhun, Kang. Nyai mah bagja pisan."
"Mmmh... engke malam pertama, Nyai siap muaskeun Akang, nya?"
"Kantenan atuh, Kang! Nyai mah siap!"
"Wah, leres eta teh, Nyi? Nyai siap muaskeun Akang?"
"Muhun atuh, Kang. Bilih teu percanten perkawis kepuasan ti Nyai mah, taroskeun we ka Kang Udi, Kang Emplud, Kang Bohil, Kang Enud........"
"@*&^#!(@!!!!"

Proyek
Kabayang mun jaman karajaan baheula, kaayanana jiga ayeuna.
"Euy, aya proyekan yeuh. Cenah Raja nitah nyieun candi!"
"Baleg? Baseuh tah euy jigana proyekanna."
"Dana ngabebaskeun tanah sabaraha? Bagean uing lah eta mah! Kalem uing loba balad calo tanah mah."
"Ari materi kerikil baradag mah jigana dapat ti uing. Asal puguh we mark up-na!"
"Teangan mandor nu siap nyiapkeun kuli, kulina nu dapat dibayar murah!"
"Sok we lah teangan channel ti ayeuna. Asal puguh asup ka uingna!"
"Ok, Bos!! Kade SPK-na tong kasasahakeun, geus we ka uing... dijamin aman!"
"Sing rapih! Bisi keuna kasus euy engke tungtungna."

Diganggayong
Di nagara urang, nu hese pisan tuntasna (diganggayong) jeung teu puguh kumaha tamatna:
1. Kasus Lapindo
2. Kasus Munir (aktifis HAM)
3. Masalah cecunguk pajak
4. Cinta Fitri

 Untung Pinokio dijieunna ku Paman Gepetto Kumpulan Lulucon

Sumber http://banyolansunda.blogspot.com/